Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Néang Kalangkang

Kamis, 18 Juni 2015

LAGU nu maneuh, Ré. Sajajalan maturan. Bari implengan teu eureun ngabayangkeun éta beungeut. Unggal manggih péngkolan, dilieuk jeung digupayan. Nurutan manéh nu sok kikituan. Kadang bari ngajorowok, geuning. "Ieu abdiiii...kabogoh si aa ieuuu!" Kitu pisan apan.
Ayeuna, saeunggeus lila kacida urang teu amprok. Teu ngahaja bet aya jalan. Najan tarahal jeung ngembat panjang, teu ieuh dipikiran. Bongan, malaikat gé apaleun kumaha gedéna ieu deudeuh nu disusurung ku kakangen.
Laguna dibalikan deui, Ré. Panon manéh ayeuna mah nu kabayangna. Teuteup nu pernah ngan satengah jeungkal tina ieu haréwos. Malah manéh gé nyaho yén uing pernah haroshos. Basa nyeuseup seungitna buuk manéh téa. Ah, mialoh, moal poho.
Masih di jalan, Ré. Teuing iraha ieu téh nepina. Sieun manéh kaburu euweuh. Da karasa geuning, ieu haté bet niisan. Tungguan nya.*

Ahmad Fawzy Imron - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya