Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Samen

Sabtu, 20 Juni 2015

“APA, turun ah isin!” Lieuk deui ka babaturan nu ngabring-ngabring tukangeun.
“Na maké éra sagala, keun wé da diakod ku bapana!”
Sora babaturan beuki réang, pating corowok: “Aya nini diakod... aya nini diakod!"
“Apa... atos ah diakodna, tuh dipoyokan ningan!”
“Keun antep wé, sirikeun éta téh!”
Apa ngungkud ngakod kuring, ayeuna sora babaturan teu kadéngé deui, sigana geus narepi ka imah sewang-sewangan.
“Apa, hapunten nya... raportna aya beureuman!”
“Keun wé, jamak aya beureuman hiji waé mah, étang-étang kembang, engké mah ulah nya..., améh apa boga buruh ngakod!"
Kuring unggeuk lalaunan, leungeun beuki pageuh nangkeup tengek apa, lalaki harelung jangkung, nu sorot socana ngandung sarébu komara.
“Malu-maluin! Nilai jelek-jelek! Pokoknya liburan ini ga ada acara ke Bali!” Durugdug budak téh digusur, palebah panto sirahna didegungkeun.
Kuring ukur bisa ngarenghap panjang, rét kana rapot bagikeuneun, belengéh seuri ka kolot barudak nu satia nungguan ngaran anakna digeroan.*

Cucu Unisah - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya