Ustad Kampung
"EMAAA, Ujang jeung Nyai lapar...!"
"Sing sabar Ujang Nyai itung-itung puasa! Na kamana atuh ari bapa manéh geus sakieu soréna can balik kénéh waé? Padahal geus teu boga béas sacanggeum-canggeum acan!"
Satutasna cuhcih mulasara nepika nguburkeun tatangga lemburna nu maot tadi subuh, Ustad Munawar neruskeun dagang kitab. Nikreuh mapay-mapay lembur bari natawarkeun dagangannana. Susuganan hiji-hijieun aya nu meuli. Sakur nu ditawaran garideug. Wanci asar teu langsung balik ka imah tapi ngadon ngimaman heula salat di masjid lembur. Sanggeus kitu ngawurukan barudak ngaji. Méméh magrib aya niat rek balik heula ka imah, ngan kaburu dipegat ku kokolot lembur. "Wayahna pangimamankeun salat magrib da Ustad Amir keur balik ka lemburna! Geus kitu urang babarengan tahlil poé ka hiji ka nu maot tadi téa. Karunya da urang lembur éta mah can bogaeun ustad." Nepi ka imah nu maot geus nyampak nu ngariung pating euleugeug nungguan manéhna. Réngsé tahlil teu miluan barangdahar susuguh. Ukur kumétap, iwal ti nginum ci téh. Ranginang leupeut jeung bugis diwadahan kana kérésék. Inget ka anak pamajikan nu keur nungguan di imah.*
Maman Damiri - kisuta.com


