SKTM
KEUR anteng ngabandungan barudak ngasongkeun pamanggihna dina sawala kelas, Mang Ujang ngabéjaan aya tamu. Rusuh, cenah. Srog, téh… ibu-ibu ginding keur ngoprék blékbéri. Baju batik modél ayeuna nyurup jeung tiungna, calana léging, sendal jangkung tinggurilap. Horéng rék mikeun SKTM sangkan budakna meunang béasiswa. “Leres ieu téh, Bu?” Cekéng téh bari nilik-nilik dangdananana. “Leres, peryogi pisan, Bu. Pun lanceuk ukur buruh, pangasilan teu angger, dianggé nyicil sasaungan sareng motor paragi pun anak ka sakola. Répot, Bu, nyakolakeun tilu téh. Nyuhunkeun pertimbanganana wé,” sorana lumengis. “Kutan?” Panon eunteup kana pigeulangna. Rada ngélémés, gancang dirungkupan ku ramo katuhuna. “Muhun, atuh, ké badé diusahakeun.” Gancang cengkat, asa murel nyanghareupan nu kitu téh. Méméh ka kelas, sup SKTM dikanawadahruntahkeun.*
Teti Taryani - kisuta.com


