Kolek Candil jeung Kopéáh Kyai
MINAH geus saged jeung barang dagangannana. Sabaskom kolek candil nu geus di bungkusan. Diuk andiprek nyanghareupan dagangan. Natawarkeun ka nu lalar liwat, ti suklakna ti siklukna. Poé ieu di masjid ageung diayakeun acara ‘Buka Bersama’ tingkat kabupatén. Ngahaja ngilu ngala barokah da diistrén ku tausyiah saurang da’i sohor ti Ibukota.
“Dua réwu maratus kanggo buka Ndén… Kolek candilna…” Minah waléh natawarkeun dagangannana. Ti tatadi ngajableu euweuh nu ngambeu-ngambeu acan, padahal jalma sakitu lobana, bet jorojoy aya rasa éra.
“Dua réwu wé. Meuli dua nya?” ceuk awéwé camperenik nu ditiung semu hurung.
“Manggalah kanggo Bu Haji mah!” Minah giak mukakeun plastik, ngawadahan dua bungkus kolek candil.
“Lima réwu tilu nya?” nawar deui nu meuli téh.
“Tos mirah pisan sun. Amisna gé nganggo gula asli ieu téh!” Minah meureudeuy. Rét ka nu nawar. Geulis, dangdanan méwah bet babalén tatawar harga nu teu sabaraha jang manéhna mah. Harianeun.
Lénglé pisan kolek candil nu ukur sabaskom téh payuna. Bari jeung dibikeun sanggeus ditawar. Lebahna mah daripada teu kajual, haseum kalah ka jadi mubah.
Sabada tausyiah nu mundel ukur memenitan, saacan bedug maghrib, dina sapéker diwawarkeun yén pa Kyai sajabana tausyiah téh mawa kenang-kenangan. Kopéah cénah ditukeur ku maskawin lima puluh réwu. Na ari buriak téh, jama’ah awéwé lalaki muru ka tempat nu geus diwawarkeun. Cuk cek, upres, papada hayang mibanda ‘kenang-kenangan’ ti da’i sohor.
Kopéah sakitu mangkodi-kodi bures saharita. Teu manggap mulya. Minah nyérangkeun semu melengek. Ibu Haji anu tadi nawar kolek candil kotka dua kali nawar, lumpat panghareupna. Ceg kana kopéah, song ngasongkeun duit, sondér tatawar.
Aya nu ngageuri, kumoléar na hate Minah. Hayang seuri bari reumbay cipanon. Rét kana kolek candil dagangannana. Dua réwu pérak, masi ngahunyud. Bet…asa hayang jadi Kyai… *
Ratna Ning - kisuta.com


