Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Kila-kila

Kamis, 9 Juli 2015

MURIANG téh bet asa keur lulumpatan di Kutub. Nya lungsé nya ngahodhod, ari dicabak asa sahéng saawak-awak. Lelembutan babalicetan. Indit ka sagala alam, nyaba ka unggal diménsi. Sok asa keur kabawa palid ku caah, sakapeung asa keur kakalayangan di jomantara, ujug-ujug asa ngulibek dina jero labirin nu teu puguh tungtung.
Jol aya nu ngajirim hareupeun. Beungeutna geuneuk maleukmeuk, bray caang marahmay, kitu jeung kitu. Asa keur papanggih dina jero diskotik.
"Anjeun nu boga ngaran si Dul?" pokna bari neuteup seukeut.
"Sanés..." ngadadak aya rasa was-was nu nyelap na haté.
"Naha dina data mah, ngaran anjeun téh si Dul. Tuh beungeutna gé sarua, aya kumisan, aya janggotan."
Kuring ngarérét kana gambar nu aya dina layar tablet android-na.
Klik, gambarna dizoom. Jéntré, heueuh enya, mirip kuring. Tapi boa wé lain da rarasaan mah nu boga beungeut jiga kuring téh loba. Jaba kuring geus dikloning sababaraha kali. Tapi kuring gé asa geus kungsi boga ngaran éta, ngan teuing iraha. Nyobaan ngotéktak dina data uteuk, lebeng teu panggih.
"Jadi saha atuh ngaran anjeun téh?" pokna deui.
"Kuring Is Tuning. Ari anjeun saha? Pulisi? KPK? atawa saha?"
"Kuring malaikat!" pokna bari seuri maksakeun. paromanna jadi daréhdéh. Nepak taktak kuring, tuluy ngiles.*

Is Tuning - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya