Kalangkang Nu Gumerendeng
"MUN pareng tepung jeung peuting, kudu leukeun macaan jempling, sangkan bisa nuliskeun weningna," gerendengna. Kawas peuting-peuting méméhna, manéhna ngomong sorangan. Gegerendengan, tapi jéntré kadéngéna. Sapeupeuting, teu daék reup. Ngalenyepan saban kecap nu digerendengkeunna. "Atuh subuh, ulah gurunggusuh rumahuh. Mending gura-giru wulu, nundung tunduh jeung lulungu. Tuluy sujud, malidkeun saniskara bangbaluh, dina umpalan sabar jeung sadrah, luhureun sajadah." Kecap demi kecap patingsérését, nurihan karumasa. Enya, salila ieu katungkulkeun teuing ku kutuk gendeng. Haben ngarasula, nganaha-naha jeung nyeungceurikan saniskara katuna. "Beurang tangtu datang mawa caang jeung kalangkangna. Isukan, pagéto, isukna deui. Rék nangtung di mana? Rék dina caangna atawa na kalangkangna? Urang nu boga pilihan. Kari prak meta, ngaropéa késang jadi sajatining genclang atawa jadi cileuncang." Peuting mingkin simpé, gerendengna mingkin jéntré. Nyeceb kana haté. Tapi angger, teu kungsi sidik kana jirim jeung pameunteuna. Ukur bisa nyawang kalangkangna dina téhel, paselang jeung kalangkang sarigsig beusi. Disidik-sidik, dedeganna bet asa wawuh pisan, "palangsiang..."*
Inda Nugraha Hidayat - kisuta.com


