Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Sora Durjana

Kamis, 16 Juli 2015

HÉGAR. Oséng kangkung haneut. Mendoan panas. Goréng hayam kampung dadakan. Sor. Sor kana méja. Nu jadi indung bungangang nedunan paménta nu eungkeut-eungkeut maju ka cageur. Bada sabulan ngalempréh. Mangkaning pangantén anyar. Ingkang carogé dipukpruk kabingung sabab tina dua kali hasil cék lab, ceuk dokter taya panyakit nu ngaganggu. Teu ngandeg, deuih! Kahayangna ditedunan. Titirah di mimihna. Saminggu ieu nu mamayu katara getihan deui. Majar hayang mayor, nyusud kanimatan nu leungit bulan ka tukang. Nu mamayu ngeusian piring. Leubeut ku nu haraneut. Huapna baleuneur. Ketapna bangun nimat. Can rérés satengah alas, jol salakina datang. Bungah, nyaksian nu keur ngalimed. Léos heula, sup ka kamar mandi. Ngumbah leungeun. Sring. Sring. Ohék! Ceplok! Kusek-kusek ngelap leungeun. Sumanget muru nu dahar ngariung. Huleng, hareugeueun. Nu tadi ngalimed nyampak ongkék di pangkéng.*  

Teti Taryani - kisuta.com 


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya