Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Nu Dimangsa

Sabtu, 18 Juli 2015

DIMANGSA jaman. Diharudum liwung. Hirup teu neut. Ngalanglayung. Nahun. Karanyos. Maranéhna tingalabring, rumanggieung tanpa jugjugan. Reg, areureun. Ngiuhan dina langit ceudeum. “Ké,ké...! Yeuh, pipetaeun urang ayeuna rék kumaha?” cék nu saurang, ka nu buukna cerewing. Kituna téh bari ngedeprek. Nu ditanya kalah ngeureuceum. Laju tanggah. “Ulah waka ngarasula, geus kapalang digeringan. Urang ka lebah ditu, sugan aya langit séjén nu rada linduk. Susuganan aya tuturus mancuh!” pokna. Kituna téh bari ngaléngkah. Teu bisa majar kumaha. Saréréa naluturkeun. Ngeungkeuy. Dumadakan langit mingkin poék. Angin tinggelebug. Tatit tingbaranyay, gelap do-dar. “Genah mun geus kieu téh, nya euy!” Nu pangtukangna nyelengkeung. Laju humariring. Diéngklokan ku baturna. Antukna kabéh karakawihan. Kawih kingkin nu sasari. “kleung angkleung...”*

Yuharno Uyuh - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya