Réuni
"TOS sabaraha putra, Dré?" André ngacungkeun opat ramo. "Nu pangageungna SMA kelas dua, Wid."
Ngabaretem deui. Melong ka babaturan nu séjénna. Sababaraha kajadian 30 taun katukang kagambar deui dina ingetan maranéhna. André jeung Widi, nu sabenerna masih kénéh karabat deukeut. Sa-aki malahan. Tapi basa mimiti asup SMA kabéh pada apal, éta dua jalma téh silih pikanyaahna leuwih ti sakadar dulur.
"Pa Rustam mah tos mayunan urang, nya Dré? Sok émut basa urang ku anjeunna dipoé di tengah lapang paranti upacara." André seuri bari ngamuhunkeun. Sababaraha babaturan saangkatanana pas ngaliwat téh réa nu dédéhéman. Teu diwaro. Ukur seuri bari nuluykeun ngumbar carita nu pernah pegat.
"Dinten rebo Widi uih deui ka Ustrali. Doakeun ku André. Teu gampil geuning ngadosénan di nagri batur mah. Mung teu tiasa ka mamana deui atuda. Apan gaduh murangkalih yatim satilu-tilu."
Deui, carita pegat. Teu kebat.*
Ahmad Fawzy Imron - kisuta.com


