Leutik Milik
DIWAWAAS baris dipapagkeun ku nu ajrag-ajragan, horéng teu kabuktian. Budak téh ngadon ngahiul di lawang panto. Keuheul ka aing kitu, pedah mulang peuting teuing? Atawa kakara cacap digelendengan ku indungna? Hih, boa tacan leungit baluasna. Si Jenéng tuda nu kitu téa mah. Rajeun luas abur-aburan, ari ka budak hayoh waé némbongan. Jeung sok karasa mangaruhan deuih. Budak téa sok capétang. Mindeng betus pareng aya kahayang.
Luhureun ambén geus nyampak sangu haneut. Hideng geuning mangkeluk téh. Piraku sugan rék téga ngantep beuteung anakna kukurubukan.
Ditawaran deui dahar, budak kalah gigideug. Leungeunna pageuh muraét kana panto.
"Anak Si Burik teu balik-balik...," pokna dareuda.
Geus horéam ngabébénjokeunana ogé. Sabot ngalintingan bubuk sésa dagangan, panon mah peupeureuman. Nyawang deui ketak budak nu jigrah unggal sareupna. Ngasupkeun pitik nu ngan dua-duana kana kandang hayam tina urut peti gula. Bari norowéco nyarita, "Dipeuncitna engké lebaran. Keur bapa hiji, keur Ujang hiji. Ema mah ulah dibéré nya..."*
Asép Komara - kisuta.com


