Sora Batin
“GEURA teuteup sing anteb laju baca éngklakna kukupu sirama-rama nu nyeuseup kekembangan di palataran rasa. Rungukeun gunem catur tatangkalan jeung jujukutan. Mun anjeun geus maca bari ngarungukeun nu gunem catur, naha anjeun geus manggih ungkara-ungkara dina rénghap napas?” ceuk hiji sora tina batin diri nu kacida dariana. “Naha anjeun ngarungu sora tikukur nu ngajarumat kaguligah? Mun can wasa, geura tulis sajak nu eusina tafsir ngimpi!”
Sanggeus ngarénghap bari miceun kaeungap, panonna neuteup ka unggal madhab, teuteup nu nebarkeun kasimpé nepi ka wates panempo panonna.
“Naha geus katempo kanyeri kapeurih na ruruhit cucuk rungga ditungtung jalan? Naha anjeun ngarungu hiliwir angin nu guligah bari murag-muragkeun ibun tina dangdaunan? Teu kudu waswas nyieuhkeun nu jadi hahalang paniatan nu geus panceg!” Pananya jeroeun dadana ngaguruh dina batinna. “Naon gunana manjang mun jadi wiwirang ka diri sorangan! Taya gunana….”
Inyana ngarénghap nepi ka mangsa ngagentra-gentra dirina. “Talak tilu!” gerendengna, dina lentong nu kacida pancegna.*
Jejen Jaelani War - kisuta.com


