Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Lalakon Nu Jomblo

Kamis, 30 Juli 2015

KEUR hulang-huleng sisi basisir. Angin laut humiliwir. Teuteupna nembus sagara. "Euh, boa nepi ka dieu lalakon téh," gerentesna. Manéhna rumahuh. Pikiranna kumalayang. Unggal inget kajadian harita. Haténa ngahéab. Aya seuneu. Ngabebela dina dada.
"Nuju naon, Ang?" hiji sora ngagareuwahkeun. Gurubug. Untung teu tikunclung. Rancingeus néangan nu nanya. Unggal tempat ditempoan. Suwung.
"Oh, may gad! Rieut hulu aing! Ongkoh aya sora. Kamana jalmana?" manéhna nyarita sorangan.
"Abdi di dieu!" ceuk hiji sora tukangeun. Kuda Sembrani bikang ngajega. Imut. Buluna bodas. Aya jangjangan. Tegep kacida.
"Tong bingung. Urang sasarengan hiber ka nagri tujuan. Mangga tumpak. Paralun ulah dugi ka nyorosod," pokna. "Akang jangji!" ceuk manéhna bari ngacungkeun curuk jeung jajangkung babarengan. Kuda jeung penumpangna hiber ka wiati.
Kusabab capé, manéhna kasaréan nepi ka ngimpi sagala. Ucang-anggé jeung widadari. Duduaan. Asyik pisan.
Barang anjog ka tujuan. “Ieu orok urus ku salira!” pokna. Kuda ngiles. Anéh. Naha suku orok béda? “Gobloooog..!” manéhna nyarékan langit.*

Irman N Dimyatié - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya