Rametuk
PADÉPOKAN Nagara Beling, nyorang mangsa taun anyar. Murid ti unggal madhab papada hayang asup. Rob, rametuk. Jul-jol nu némbong-némbong kartu idéntitas. Ngasong-ngasong mémo. Aya nu maksa, nu murudulkeun pangdunga, nu ngacung-ngacung curuk. Aya ogé nu andalemi, tapi seuseukeut gobangna manco kana beuheung gulang-gulang.
“Lebar, Mang, budak loba kabisa,” song mikeun piagam taya setémpelan.
“Wiat, Pa, adina, alona, jeung tatanggana Pa Déwan. Ieu SKTM-na.”
“Moal gaplah, Kang, ké gé aya kaémutan,” nu ngaharéwos bau jéngkol ngeupeulan amplop rikes. Eusina tujuh ngaran.
Bubuk rametuk disawadahkeun, na peti tambaga. Unggal poé sahéng. Parebut bangké laleur. Kabisana hohoak jeung hahaok. Kaahlianana sosorongot popolotot. Bau bangké beuki kaangin-angin. Teu suda, najan dirungkup kembang sataman.
Jol nu dikongkoyang mesin kolényay. Maksa ka pupuhu sangkan rametuk pindah tempat ka nu lega. Dikenyang, dibenyéng, sangkan kaluar tina peti. Atuh awakna raca bari taya kabisa.
Mangsa hiber ngajomantara, nu séjén ngapung ngawang-ngawang. Pangeusi peti teu robah. Resep ngaronom bangké.*
Teti Taryani - kisuta.com


