Bogoh
"NÉNG ogé terang. Néng mah teu pinter sapertos istri sanés."
Ya Allah! Gusti Nu Agung! Lambey Néng sakitu ambucuyna. Baseuh. Warnana beureum, teu dilipenstipan ogé. Hoyong pisan nyeuseup lambey Néng. Seug bari ditatangkeup. Ngahijikeun raga. Ngararaoskeun éndahna hirup.
Astagfirullah aladziim!
"Néng, hapunten, Aa!"
Néng kalah meungpeun. Nutupan rarayna. Teras nangis.
"Néng ulah nangis atuh!"
"Néng mah pikarunyaeun, nya, A?"
"Saur saha?"Cenah.
“Aa gé mung hawatos wungkul ka Néng téh, nya A?”
Cisocana tambih ngaberebey. Maseuhan damisna.
Celengoks! Néng nge-sun lambey Aa. Laju lumpat. Ka luar ti kandang domba.
"Kedah kumaha abdi, Ya Allah?" Gerendengna. Moal nanaon kitu kulawargi Néng? Kulawargina? Sanaos siga abg, Néng mah pan yuswana tos 30. Néng mah salira sareng yuswana nu tos déwasa téh. Jiwa sareng haténa teu kitu. Tapi Si Aa bogoheun pisan. Ramana Néng nu juragan domba bakal nampi kitu, pan Si Aa mah ukur tukang ngangon domba gaduhna? Karunya Néngna wé…*
Deni Riaddy - kisuta.com


