Sastra & Humor
Dongeng Pasosore
Tukeur
Jumat, 7 Agustus 2015
“URANG Tukeuran peran, yu!” ajak Ajengan Kahot ka Bangsat Gerot. Sapuk. Maranéhna nguculan pakéanana. Tuluy silitukeur kostum, kawas pamaén bal bérés pertandingan. Ukur dua jam, Ajengan Kahot geus boboléh.
“Teu béda jauh geuning. Uing gé kudu ngajarkeun bebeneran. Kumaha carana jadi koruptor nu bener, jadi maling nu bener, jadi copét nu bener,” ceuk Ajengan Kahot.
“Sidik uing mah geus genah jadi ajengan téh. Santriwatina rarancunit pisan. Meujeuhna cetrokkeun mun buah ngora mah...” témbal bangsat Gerot, semu kuciwa.*
Rudi Riadi - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


