Kembang Kamelang
DIALA lana betahna téh ukur kaarah mimingguan. Geus tilu peuting saréna mindeng gulinggasahan. Bari teu kendat haharéwosan. Gundam. Mamah-mamahan. Dirampaan basa lilir tadi isuk, awakna nyebrét panas. Diguyah-guyah ogé kalah malik ngaherengan. Bangun nu ngemu kaceuceub. Dikitukeun mah haté bet asa digerihan.
Geus gilig rék mawa nu gering ka dokter. Barang sajungjungeun pisan mangku budak, kadéngé geleser sora mobil. Dituturkeun ku gebrug sora pantona. "Nyaan seukeut rasana...," ceuk haté.
Teu werat ngahiap nu uluksalam. Banget kasima ku silalatu nu areunteup dina panonna. Manéhna kebat muru kamar. Disérangkeun ti lawang, nyampak téh keur nyegruk bari nanangkeup budak.
“Bobona di bumi Mamah deui nya, geulis...,” pokna. Meper inghakna. Nu keur ditatangkeup ngadon nyampaykeun teuteup ka palebah kuring ngajengjen. Ceuleuyeu.
“Mamah wé nu bobo di dieu!” Sora budak dumadak ngéngkréng.
Manéhna ukur ngarérét sakeudeung. Nuturkeun paneuteup budak. Silalatu nu reuteum dina panonna geus rabeng teuing ka mana. Kuring mung kahémbos anginna.*
Asép Komara - kisuta.com


