Halodo Sataun
MANÉHNA nyiap ti béh kénca. Pikasebeleun. Tina pakéan jeung hélemna bisa disidikkeun, budak ngora. Stiker lebah spakbor tukangna deuih, matak ngajaheutkeun haté batur : “BEUNGEUT SIA SIGA BOOL AING’. Teu lila, kusiwel ngaluarkeun hapé tina saku jinna. Ugal-ugil. Bubuhan calana merecet. Salsé naker, bari ngajalankeun motorna. Balaka baé sok geuleuh mun nempo aya nu ngagicel hapé bari mawa motor téh. Ngan teu bisa kukumaha. Réngsé nga-SMS, bus deui kana saku calana. Lebah setopan, gogorowokan nyanyi lagu “Separuh Aku”. Taksiran nuturkeun ka nu nyangsang dina ceulina. Rada lila di setopan téh. Manéhna ngarérét kana sepanduk leutik nu aya poto calon pamingpin nu hayang dipilih, ngagantung dina tihang lampu mérkuri.: “SAYA PASTI AKAN MEMBELA RAKYAT”, ceuk spanduk téh. Jrut manéhna turun, bari ngaleupaskeun hélemna. Nyampeurkeun sepanduk. Kecrot, kecrot, poto si calon téh diciduhan. Clak deui kana motor. Lampu héjo.
Polah Pikasebeleun saméméhna, lantis ku polah nu panungtung. Kayungyun.*
Rudi Riadi - kisuta.com


