Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Langit Agustus

Senin, 10 Agustus 2015

"BORO-BORO keur nginjeumkeun. Keur sorangan ogé kurang kénéh." cenah. Tonggoy nangtungkeun tihang keur bandéra. Lanceuk. PNS anyar, langsung ngaborehkeun SK da hayang boga imah.
Ukur bisa ngaheruk. Kaharti kana kituna mah. Tangtu cangcaya lamun kuring bisa mayar, dalah keur sapopoé ogé apan, ukur ngandelkeun koréh-koréh cok.
Langit Agustus reueuk, méga hideung tingrunggunuk basa kuring ngalénghoy mulang munggu bangbaluh.
Ari ku dileukeunan bari keyeng mah, ngasong-ngasong ijasah ka ditu ka dieu, antukna aya ogé nu mercaya. Sanggeus sababaraha taun, kabiruyungan meunang tunjangan ti pagawéan. Gedé haté ngararancang hayang boga imah. Da maenya kudu ngontrak waé saumur-umur. Hayang nu sorangan kajeun ukur gowok.
Keur ngaléot bandéra. Masangkeunana nitah ka tatangga nu jadi hansip di désa. Tirilit, HP disada. "Neulis, bejana karek narima tunjangan? Tulungan Aa...," rék ngajawab, kagebahkeun ku nu masang bandéra. “Bu, atos!”
Bandéra beureum bodas kékélébétan. Langit Agustus aya ku béngras. Méga bodas ayang-ayangan.*

Aam Amarullah - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya