Siaga Satu!
''MAMAH leres kapungkur tukang ngarebut kabogoh batur?'' ceuk budak sajolna ti sakola.
''Saur saha, Geulis?'' ceuk kuring asa hayang seuri.
''Saur Bu Ningsih!'' témbalna, ucul-ucul seragam.
''Bu Ningsih? Guru énggal téa?''
''Muhun. Saurna tilas réréncangan mamah!''
Ningsih? Ngahuleng. Euleuh, enya kitu? Asa ku lalawora pisan cumarita lalakon baheula ka budak nu teu nyaho nanaon. Haté mimiti keuheul. Rumasa baheula, émang enya ngarebut kabogohna. Nu ayeuna jadi salaki, bapana budak. Inget kénéh ngamukna Ningsih harita. Pasea rongkah. Nu asalna babaturan sakola pangraketna, jadi musuh gerot. Heuheuy deuh. Ti baheula gé Si Ningsih mah éléh dina naon waé ku kuring. Kutan téh ayeuna Si Ningsih jadi guru geuningan. Kabeneran ngajar di sakolana budak, kabeneran deuih sakola nu dikepalaan ku..., salaki? Cilakaaa!
''Néééng! Naha uih teu sareng bapaaa!''*
Emalia Ilyas - kisuta.com


