Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Kuring

Rabu, 12 Agustus 2015

CIKÉNÉH téh keur milihan tiung di pasar baru, ngadadak kuring ngajirim jadi tukang cilok. Dagang di hareupeun SD Inpres. Pagigir-gigir jeung nu dagang és. Basa keur ngecrotkeun saos kana plastik, ujug-ujug geus aya di jero pasar. Dagang béas jeung lauk asin. Kadéngé réang.
Bérés ngaladangan nini-nini, sabot keur tungkul, ngitung duit pamulangan, ujug-ujug geus ngajanggélék jadi muadzin. Adzan di masigit. Keur memener sarung nu karasa rék morosot, taktak aya nu noél. Barang dirérét, kenék mobil elf ngasongkeun leungeun, ménta ongkos.
Kusiwel, ngodok kutang. Ngasongkeun duit dua rébuan nu rikes jeung baseuh ku késang. Elf nyemprung. Nanjak mudun. Teuing ka béh mana. Kuring nyarandé, bangun nu lungsé. Angin nu ngahiliwir asa mépéndé.
Reup, peureum. Leng!
Kahudangkeun ku sora nu nihtir dina puhu ceuli. Lalaunan panon beunta. Tuluy nunutur leungeun. Nu keur pageuh nyekel kenur. Rét kaluhur. Aya langlayangan nu pegat katebak angin. Kumalayang. Bari ku kuring dipuntangan.*

Is Tuning - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya