Surat Keur Shinta
SIMPÉNING simpé. Di tengahing leuweung luwang-liwung. Rama ngahérang. Neuteup méga hideung nu paudag-udag meungpeukan bulan sapasi. Rét ka Laksmana nu ngaheruk nyuuh kana akar. Rama meureudeuy. Bari ngarampa angenna. Ngahéab. Nu diimpleng teuing di mendi. Nyeri, peurih jeung kahariwang pagaliwota. Jung nangtung, ceg kana gondéwa, ngeteyep muru mumunggang. Sidakep. Gutrut nulis surat katresna, kana réwuan kalakay ku cimatanna nu kimpel, nahun. Laju ditiirkeun kana panah. “Geulis.., Shinta di mana waé ayana,” belesur, panah dipentangkeun ka jomantara. Kalakay nyilalatu, tingkoléab...
Di Taman Argasoka. Sinta nyangsaya dina lahunan Trijata. Rahwana uleng. Nangkeup tuur dina suhunan. Teu reureuh humariring lagu liwung. Shinta meungpeukan ceulina. Dumadakan aya nu meleber kabawa angin. Shinta ngoréjat. Tanggah. Bréh hiji kalakay ngoléab, di awang-awang. Puguh apal kana seungitna késang nu jadi panutan. Ranggah, Jigrah. Banget sono. Kalakay mingkin ngadeukeutan. Koléang, muter kana lahunanna. Barang sagep-gepeun.... Aya sora lir guntur. Meupeus peuting.*
Yuharno Uyuh - kisuta.com


