Nu Ditungguan
KITU biasana, nyieun susu bodas, dikopian. Hasilna coklat. Sok gék di korsi hareup, isuk-isuk, tuluy ngaderes koran. Poé ieu, tangtu aya warta nu matak reuwas, atawa nu matak kagagas. Geuning kitu, meus-meus tanggah, melong ka nu jauh, deluk deui maca. Aya kana sababaraha kalina.
Panonpoé beuki béngras. Manéhna nguyup sésa kopi susu dina gelas. Jung nangtung, jumarigjeug muru biwir téras. Dua leungeunna diasupkeun kana saku calana pantalon nu nyiripit setrikaanana. Jen siga moyan, tapi lain. Da éta panonna, siga aya nu ditungguan. Buukna nu ngeplak bodas, gugurilapan.
Enya baé, teu lila gé nu ditungguan datang ka buruan. Jangjangna hurung hérang, katojo panonpoé haneut poyan. Buuk panjangna katebak angin. Erokna pondok, disapatu boot nepi ka tuur. “Salam…,” ceuk nu anyar datang bari rengkuh. Imutna manis kacida.
“Ceuk koran nu bieu dibaca, nya ayeuna giliran kuring balik ka kalanggengan. Mangga, sadaya-daya…”
“Ah, Aki...,” ceuk nu dijangjang ngadak-ngadak aleman. “Ieu mah Adél badé ngiringan karnaval. Aki sareng Bi Popon heula nya. Salam ka widadari nu sok nepangan Aki…,” cenah siga ngolo.
Teu lila jol Bi Popon, widadari nu sok nganteuran koran. Kakalayangan ti juru kebon.*
Darpan Winangun - kisuta.com


