Kuncén Sumur Tujuh Kapihapéan
LANGIT Banten ceudeum. Gunung-gunung nyarumput, pihujaneun ngagarayot. Jukut singkuniang harudang, dina jajalaneun ka Sumur Tujuh. Kupédah arang katincak kunu jarah. “Padahal Mulud, tapi suwung, kapegat banjir kituh?” gerentes Abah Kuncén.
Béh kalér; kadeueleu ngaplakna cileungcang di Batawi. Béh kidul; Cibungur, Ciujung lébér, ngeueum imah-imah sisieunana. Doang biasa, ukur nyésakeun érang-érang jeung suhunan. Pangeusina jarojong baé. Teu humaregung aringgis kacaahan. “Panén Mie instan jeung Air Mineral deui yeuh!” cenah.
Aya nu geugeuraan muru Sumur Tujuh. Bikang-bikang silih tegeran.
“Abah... mihapé anak, tuh palid na cileungcang, ka Batawikeun,” ngalimba.
“Ari daria saha jeung deuk kamarana kitu?” gasik nalék.
Tacan kaburu dijawab, nu mihapékeun ngarajlot ka Sumur Tujuh, maruntang kana tungtung pelengkung katumbiri warna-warni.
Abah ngarérét ka lebak. Bréh… walungan umpal-umpalan.
Hiji tolombong angkleung-angkleungan ka Batawikeun, eusina gogoaran.
“Pamuga sing jadi jelema céng, lawungkeun kahayang Ciung jeung Wanara!” Dina jajampéanana, Abah nyelapkeun rasa jeung kahayang, kana orok nu rék ngalalakon.
Jleg… pamingpin.*
Rohendi Pandeglang - kisuta.com


