Congo
TAGIWUR. Éta kecap nu merenah pikeun ngagambarkeun suasana haté Barong. Manéhna nu kapeto jadi pupuhu Komisi Pilihan Désa. Ari hég nu nyalonkeun ukur duaan. Bari jeung duanana teu sapagodos jeung haté. Calon kahiji, inkamben, Haji Kahpi. Geus sidik hasilna lima taun manéhna mingpin ieu désa. Hapa. Ukur nyésakeun kasangsaraan rahayat. Calon kadua, Pa Samuél. Urang Manado nu karék tilu taun bubuara, tapi pinter nyangsangkeun kahéman ka warga. Hasil surpéi éléktabilitas, Pa Samuél salawasna punjul.
Tagiwur. Barong nangtung di antara dua congo. Congo ti kokolot désa nu miharep sangkan diusahakeun Haji Kahpi angger mingpin désa. Carana, kumaha waé. Congo séjénna ti rahayat nu miharep aya parobahan. Nya tangtuna kudu aya pamingpin anyar nu mingpin ieu désa.
Saminggu méméh Pilkadés, imah Haji Kahpi kaimpungan warga. Tahlil inyana. Di imah Pa Samuél keur aya acara Misa Tutup Peti. Layonna. Barong ngajubleg. Congo balati geus manco lebah beuheungna.*
Rudi Riadi - kisuta.com


