Pakolotan
LANGIT aleum di punclut Gunung Pataka. Tatangkalan rajeg. Ngelemeng. "Sayaga!" ceuk Aki Parta bari mencrong ka rungkun nu ingguy. Angin ririh. Nebak oncor nu tinggelebur. Sampalan suni. Ukur ceuceurit ngelak di puncer kokosan. Gorobas. Gajleng. Mahluk satangtung bangkanang, ngadangong hareupeun Aki Parta. Matana ngempur. Bangus nyanggéréng. Némbongkeun sihungna. Gegereman. Sakumna nu nyakséni undur-unduran. Nyedek. Naék ka palalangon. "Oh, ilaing nu mawa matak haringhang téh. Pakolotan ti mendi?" ceuk Aki Parta. Taki-taki. Langgéor. Ngadeukeutan. Boréléngna atra kasorot cahya ajug. Tuluy campego. Ukur kadéngé geremna ku nu nyérangkeun ti panyumputan. Aki Parta mesat bedog kabuyutan. Sora ngagaur aweuhan. Katénjo. Dedepong. "Ség téh teuing. Tapi, semet ayeuna montong ngagunasika ingon-ingon. Tah, ku kami dicumponan paménta ilaing!" gorowok Aki Parta bari ngalungkeun pais bakatul. Keteyep. Diangseuan. Dihakan. Laju gagaur deui bari luncat. Ngaleungit. Diteureuy mongkléngna peuting. Lalaunan. Méga nyingray. Bulan mabra. Ditiir pucuk camara.*
Aris Kumetir - kisuta.com


