Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Pundung

Jumat, 21 Agustus 2015

LELEMBUTAN harudang, karasa basa carengkat téh, awak asa ngenyod. Hiji-hiji barijil tina jirim kuring. Geleser, ceplok! Opat kali kituna téh. Bari ninggalkeun tapak nu rupa-rupa karasana.
Tuluy diuk ngariung hareupeun bari élékéséng. Nu heuay bari nguliat, gagaro, hiji deui nyarandé. Nu hiji deui mah hideng, ngaléos ka pawon, mangnyieunkeun kopi. Sor, diteundeun luhur méja. Basa dirérét, teuteupna katempo alum.
Kuring ngaronghéap, biwir ngarenyu disusul ku tarang kerung. "Naha barijil ? Geus barosen ngancik ? " panon mencrong, nataan hiji-hiji, sidikna hayang neguh naon nu ngolébat. Lebeng.
Nu ditakon caricing, ngabalieur bari nyaro'o ramo, luk tarungkul. Sakali, dua kali, nepi ka genep kali, teu hijieun nu némbal.
Can kebat nanya ka tujuh kali, nu hiji tanggah. "Bongan anjeun geus leungiteun karep..." pokna.
"Enya, bongan anjeun geus leungiteun karep," nu tilu mairan.
Jep, laju simpé. Giliran kuring nu teu wasa némbal. Cikopi diantep, nepi ka tiisna.*

Is Tuning - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya