Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Dongéng Ti Pakuan Bumiageung

Senin, 24 Agustus 2015

DI pakarangan, Déwa-déwi saruka seuri. Paselang jeung gending sabrang ngagegembrung. Beuki lila, beuki maur. Peuting jigrah di langit bumiageung. Sabot kitu, di pipir pakuan, Déwa nyangcang tungganganana, "Manéh nu satia!" Ngusapan sirah Barong. Sakolébat ngarérét nu keur ngajanteng 'na biwir kolam renang, Dewi. Tina teuteup jeung léngkahna Déwi, nyambuang kaguligah. Déwa taya rasrasan, miceun beungeut ka lebah nu gugupay. Lenga-lengo, "Ki Sepuh!" Tuluy nyampeurkeun. "Waaa... ieu Déwi, Waaaa...!" Tapi..., bér mébérkeun jangjang, belesur! Ki Sepuh ngambul ka alak paul. Déwa diiwat, ngulawing, kumareumbingna kana pigeulang. Déwi marudah. Clak! Celegeneng Barong nangtung. Ngagaur ka itu, ka ieu. Nu jarogéd katawuran, digereman singa. "Déwi teu éling! Déwi teu éliiing!" Tingceuleuweung, sabot di landeuh lebah sampalan nu ngalayang luhur balong, Déwa, silanglang siram béntang. "Hung! Ahuuung...!" Ditéma sora ajag. Ari jleng téh! Ki Sepuh luncat ti suhunan ka suhunan deui. Les. Nu jarogéd tingharaung, tingcungungung. Déwi direrewég ku singa jeung ajag, dadana raca. Ngaboléklak...!*

Remi Purwaka Sadkar - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya