Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Nu Kaleungitan

Selasa, 25 Agustus 2015

PRANG! Kaca eunteung ancur. Getih ulawéran tina ramo-ramona nu dipaké nonjok eunteung.
''Pulangkeun siah, Bangsat!'' nyarékan laklak dasar. Panonna buringhas, kapeurih tina raheut leungeunna teu dirasa. Aya nu ngolébat dina kaca nako. Berengbeng diudag. Habek! Kaca nako pareupeus. Kolébat deui dina kaca lomari. Dua peureupna nu lamokot ku getih, buk-bek.
Bubuk kaca jeung beling pasoléngkrah pacampur jeung getih beureum.
''Pulangkeun!'' jejeritan. Ngajenggutan buukna nu ruwag-rewig. Ceurik kanyenyerian.
''Hi-hi-hi...!''
Kadéngé aya nu nyeungseurikeun. Ceurikna ngadadak jempe. Rungah-ringeuh ngadédéngékeun. Karérét aya lima rupa ngalangkang dina hiji poci jeung opat cangkir porselén. Nyararéngéh.
''Bangsaaat!'' kerewek. Poci jeung cangkir didagoran. Cer getih. Hing, ceurik deui.
Blak panto kamar muka.
''Ibu?'' Nu karék datang ngajengjen soak.
Nu digeroan, mureleng.
''Ocih! Kageulisan ibu aya nu maok, Ociiih! Tulungan ibu!''
Ocih lumpat ka luar. Ngarawél telepon.
''Bapa! Ibu...,'' teu kebat.
''Kanceuh deui, Cih?''
''Muhun! Kumaha atuh?''
''Antepkeun! Cenah karasaeun!''
Saméméh telepon pegat, kadéngé aya nu cicirihilan.*

Emalia Ilyas - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya