Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Saratus Méter Ti Apartemént Kuring

Rabu, 26 Agustus 2015

CAFÉ Rouha. Jam 8 peuting. Lantéy dua. Sakurilingna kaca. Hujan angin nu ti soré kénéh maseuhan Phuket, maseuhan tembok-tembok sisieun jalan. Maseuhan kaca Café ogé.
Lebah méja leutik. Dua botol bir maturan obrolan. Rét ka handap. Ka peuntaseun jalan. Hujan masih nyéahkeun caina. Rét ka hareup. Manéhna anteng cacarita.
Kadang bari nyerebungkeun haseup rokona. Kadang notor botol birna. "Lain teu hayang eureun, Ri. Tapi urang geus kagok ancrub. Manéh nyaho, mun mundur, lain nyawa uing wungkul, tapi Si Révha gé bakal jadi korban katelengesan M."
Rét kuring neuteup panonna. Euweuh nu ngeyembeng. Nu aya ukur salju. Tiis. Kirilik, sora hapéna. "M...aya naon? Jalan naon, nomer sabaraha? Siap...," manéhna ngasupkeun deui hapé kana jakétna.
"Ri...uing aya tugas deui. Sugan isukan aya waktu. Urang ngobrol. Urang nataan deui ngaran-ngaran babaturan baheula."
Manéhna mariksa péstol nu salilana tara jauh tina cangkéngna. Ngaléos. Léngkahna angger. Léngkah nu dibeungbeuratan ku manglaksa carita.*

Ahmad Fawzy Imron - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya