Lain Dongéng Rahwana
ASA cikénéh bapa ngéprétkeun cai ka na beungeut. Ngahudangkeun, nitah salat subuh. Kiwari, beurang geus nguniang. Ninggalkeun diri. Sora adan ngagorowok, mapag waktu asar. Tapi, Anjeunna masih kénéh taya kelemengna. Atawa diri nu api-api teu wanoh? Kaweur ku euceuk, béja pabéja-béja, tatalépa. Bari kabéh ukur lamunan wungkul? Pahibut memener buruan, mopohokeun enggon paragi nyarékeun layon.
Enya, Nina, ayeuna urang geus asup ka wanci asar. Daun-daun nu tadi isuk héjo ngemploh, kiwari meotan, maruragan disampeur waktu. Coklat, garing, ancur, kapeupeuh kalakay. Impian pating kudupruk. Maruplukan. Duh! Ngilu nangtung di masigit, pikiran keukeuh masih apruk-aprukan. Sagala ditepungan. Al Fatihah bangun gaplah, teu napel na lelembutan, kagebah ku lampah sorangan. Ngangkleung di sagara impian. Karuhan sujud mah karah ramijud, sesegrukan mites-miteskeun lengkah nu can karandapan.
Enya. Hanjakal, teu ti dhuha kénéh ngaderes kitab titinggal aki-nini téh. Nepungan jalma-jalma soléh, nu teu weléh ngagereyemkeun asma Anjeunna. Ti waktu ka waktu. Minuhan haté ku kaweruh.*
Maman Gantra - kisuta.com


