Dina Hiji Antrian
DIRUJUK ku ‘dokter keluarga’. Isukna belenyeng ka rumah sakit umum. Anjog rebun-rebun. Pangheulana. Srog ka patugas. ‘Tangan kosong.’ Song dibéré antrian nomér 63.
“Tong protés!” cenah bari ngisarahan titah mangkat. Lokét pendaptaran nutup kénéh. Wancina muka. Bréh nu sapandeurieun, kagentraan leuwih awal. Maksakeun léah najan mentegeg. Ngusap dada.
Cunduk giliran kuring. Daptar. Réngsé. Ngantri deui di ‘Poli Dalam.’ Lungsé jeung capé haté nganti dokter spésialis nu paciweuh mentingkeun pasién rohangan éksékutip. Di tungtung tanaga sésana kuring dipariksa, didiagnosa tuluy diponis ku dokter. “Rawat inap teu bisa henteu!” Selang infus jeung ‘alat bantu hidup’ séjénna dipasangkeun, pasuranteng dina awak.
Mingkin ripuh. Peuting mingkin ngagayuh ka subuhnakeun. Antrian kadéngé deui. Tapi teu matak sirik ati, basa nu ngagentra ngaheula-heulakeun pangeusi rohangan éksékutip, samalah mah tipepereket nutupan ceuli sangkan ulah kasebut. Teu apal pisakumahaeun jadina mun harita kagentra. Keclak cimata kabungah ngalémbéréh basa kuring masih boga kasempetan keur bebenah.*
Ki Sunda Sawawa - kkisuta.com


