Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Kadongdora

Senin, 31 Agustus 2015

DIGLEU. Digleu. Ngajanteng hareupeun lawang. ”Huntéén...Haaiii...hupi hapa haya..?” Panonna ngaburileng. Buuk cawigwig. Baku, ari geus gura-gero nananyakeun bapa téh. Can diasongan pincuk sangu mah can ingkah. Ngajengjen di tempatna. Teu obah-obah. Tapi da bapa saha atuh. Dumuk di imah euweuh lalaki. Lugah-ligeuh ngan sorangan. Samarukna siga batur. Rumah tangga kumplit aya indung, aya bapa, aya anak. Boga, bogana mah surat kawin, tapi euweuh lalakina. Saprak dirapalan, teu ngarasakeun oléng pangantén. Kari-kari ayeuna unggal isuk disampeurkeun ku nu owah.
Ayeuna cindeluk dina golodog. Ngadago-dago. Geus tujuh poé taya datang. Sono kana sorana nu halimpu, ”Punten, Nyai, dupi bapa aya..?” Sanajan ngirung. Sanajan téngé.*

Yanti Sri Budiarti - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya