Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Kariaan

Senin, 31 Agustus 2015

KEUR anteng ngitung siki tasbe, laptop pepeletekan. Lila-lila bet siga nu ngaguruh, ditingkah awor nu pating cakakak. Sora piring jeung gelas ting kolentrang nyarelap dina sora kiliningan. “Aya naon?,” ceuk kuring, nolol tina layar monitor. “Rama Prabu ngababarkeun,” saur hiji sepuh, disinjang lamban, ngangge cindung, geulisna teu liren-liren. Kajeueung, pananganna reumbeuy ku pangalaman. “Pisajakeun,” saur anjeunna, surti, bari angkat ka pawonkeun.
Kuring maur jeung jalma loba. Enya bae. Teu jauh tina balandongan, Rama Prabu ngajengjehe dina pangkengna. Kesang parantos rerep, tapi tanagana teu acan pulih. Pameunteuna katingali marahmay, cahayaan, reueus rengse ngalaksanakeun tugas abot. Nu munjungan teu eureun-eureun. Nyanggakeun pangwilujeng. Si orok pada nanggap. Ngengklak dina pakalangan.
"Aya kayungyun ari Jang Awon," saur Mang Sidik, ngagerendeng.*

Maman Gantra - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya