Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Dongéng Sapotong

Rabu, 2 September 2015

AYA kana dua jamna Astri ngudupruk bari ngabangingik téh. Dibarung ku nginghak nepi ka sisidueun. Patémbalan jeung sora gaang di pipir imah kontrakanana. Na lalangit kamar, cakcak ukur bisa gagaro nempo polah Astri. Tingharéwos jeung baturna. Ngomongkeun.
Cengkat téh basa sukuna karasa singsireumeun. Jung nangtung, léos ka dapur, kot kana kanébo, tuluy ngelap cimata nu ngeyembeng na ubin. Dipeureut téh meunang saémbéreun.
Astri ngudupruk deui. Bari nyarandé kana témbok. Ngahuleng bari ngorong, diulinkeun. Dipurintil-purintil, tuluy diaclengkeun ka luhur. Plek! Napel kana lalangit.
Cakcak curinghak, tangginas moro, laju dicapluk. Puah! dilepéhkeun deui.
"Kunaon ?" baturna norojol.
"Asin!" pokna. Duanana tuluy tingcikikik, saleuseurian.*

Is Tuning - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya