Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Sabot Ngantri

Kamis, 3 September 2015

KONGKORONG sapuluh gram, ali tilu gram. Dikeupeul pageuh, sakapeung ditingali. Diteuteup. Rét kana kertas di jero lokét. Resép tebuseun, aya kana dua jutaeunana, boa leuwih. Rénghap, aya nu ngabagel jeroeun dada. Lain, lain teu rido banda nu ngan sakikituna bari ladang petekal-petekil taun-taun kudu dikaluarkeun, da apan banda mah tatalang raga. Ngan, bet asa harianeun ku lalakon hirup.
Kamari, bari asa-asa ogé ngahaja nepungan kang Haji, lanceuk nu nomer dua. Waléh. Na atuh pokna téh, “Nu séjén ogé apan baroga hutang, naha teu ditagih?” Teu hayang némbalan.
Dina kaayaan kieu, bet asa nunggelis hirup téh. Aras-urus, angkag-ingkig sagala ku sorangan. Aya dulur awéwé batur pakukumaha, sarua ripuhna. Atuh jadi pajenggut-jenggut jeung nu dugul.
“Nomor 46!” Sora petugas. Gebeg. Geuwat cengkat nyampeurkeun ka méja kasir. “Kéngingna sakieu, Bu, dipotong adminitrasi…,” pokna soméah. Gutrut nandatangan, duit diitung. Kaluar tina panto kaca polét héjo, aya nu nyelek dina tikoro, “Alhamdulillah, aya kénéh rejeki ema.”*

Aam Amarullah - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya