Sora Ti Jero Kuburan
CÉP Ohim putra Mama Sastra. Bageur jeung pinter. Ti leuleutik, dalit jeung Odik. Saré babarengan di kobong atanapi di masigit. Odik neruskeun ka sakola umum, Cép Ohim, aprak-aprakan masantrén. Cép Ohim gering. Nu ditatanyakeun, Odik. Odik dibéjaan, nya ka lembur. Didatangan Odik, Cép Ohim ngadak-ngadak cageur. "Nyai! Peuncit hayam nu jajangkar, kabeneran aya Odik. Akang hayang dahar nu ngeunah." "Muhun," ceuk pamajikanana. Odik reug-reug. Ngobrol ngalor-ngidul. Geus peuting, kakara balik. Subuh-subuh, Cép Ohim, geringna ripuh. Odik, buru-buru datang. Dina pangkuan Odik, Cép Ohim maca sahadat, les maot. Lamun teu inget kana kakolotan, Odik tinangtu ceurik lolongséran. Saméméh mayit dikurebkeun, Odik abus ka jero kuburan. Ngagorowok. "Taneuh kuburan, ieu nu rék dikubur téh Cép Ohim, jelema bageur, putra Mama Sastra anu soléh. Omat ulah disiksa!" Riyeg, taneuh ngariyeg, ngong aya sora ti jero kuburan. "Kula moal baha ka paréntah Alloh. Sanajan katurunan jelema soléh, ari loba salah mah, bakal disiksa."*
Noorfatah Muhammad Dimyati - kisuta.com


