Muhasabbah
DINA jero angkot, ngadadak bau tikotok. Rét kanu diuk gigireun. Manéhna malik neuteup. Tuh nya! Jiga nu geus mirasa. Boa manéhna nu sukuna nincak tikotok téh. Kuring nutupan irung. Manéhna jiga nu surti, diukna ngised ngajauhan. Tapi, basa manéhna turun, angger kénéh bau tikotok. Boa nu diuk ditungtung. Tuh, diukna gé élékésékéng kitu. Geus pasti! Manéhna!
Di péngkolan, maksakeun turun. Tuluy naék deui anu sajurusan. Kosong angkot téh. Anéh, tikotok melenghir deui. Panasaran. Nempoan kana tatalapakan sapatu. Euweuh nanaonan. Ngarampa bujur, sarua. Euweuh nu napel. Sakujur awak diambeuan. Angger teu nimu. Nepi ka turunna, bau tikotok angger nunutur.
Di minimarket, pangkalan ojég, di pasar, nepi ka imah. Bau tikotok. Basa ngeunteung, aya nu napel sagedé korong na tungtung irung. Diusap, ditempoan, tuluy diambeuan. Emh, bau tikotok!
Kaharti ayeuna mah. Enya kaharti. Kari nginget-nginget, iraha kuring ngambeuan bujur hayam?*
Is Tuning - kisuta.com


