Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Rajapati Wanci Janari

Kamis, 10 September 2015

HIUR angin ngendagkeun pucuk-pucuk eurih. Tingarulang dina belegbegna peuting. Seuneu damar nu kakalicesan, teu cukup nyaangan paimahan. Lembur, éstu mongkléng. Karungkup ku indung peuting. Wanci ngagayuh ka subuh. Simpé mépéndé nu sararé. Hawa nyelecep, moncor tina sela-sela bilik. Nyiwitan kulit nu morongkol jero kamer.
Di kamer hiji imah juru lembur. Kaayaan mungguh sabalikna. Sapasang manusa ngoprot késang. Napasna ngahégak, ditéma ku sora nu bangun dipengkek. Silih dengkék. Silih beubeut dina jurang kani'matan. Teu sadar, di luareun jandéla aya nu ngaringkang. Awakna ngadégdég. Leungeunna nyepeng pakarang nu karék wani dilugas.
Isuk-isuk. Lembur gujrud. Di tepas balé désa, ngajepat dua bangké manusa. Baluligir. Beuheungna méh sapat. Dina dada bangké awéwé, aya surat. "Teu kudu maluruh sasaha, kami bakal datang jaga mun anak kami geus sawawa." Mantri Pulisi, melong ka Kapala Désa nu unggeuk.*

Eboed Eman Budiman - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya