Kampung Bayan
KAMPUNG Kabayandoang. Lebakeun Kabayan Pasir. Nonggoh saeutik ti Kabayan Citiis. Ngangaranan urang dinya, ahéng. Bayan Juhri, Entol Bayan, Mirsah Bayani, Bayanazah, Zahrotul Bayan, jeung lian-lianna.
Ka Bayan karék engeuh, mun kitu ngangaranana. Unggal ka dinya teu kungsi kalaparan. Kopi, udud, nyatu jeung pajuheun, matak buncir beuteung. Mun mulang ti dinya télok eureun ku teurab. Ka Bayan betah jasa. Jadi lucir jinisna, ngeusi dedeganana, cahayaan beungeutna. Ja teu kurang parab doangna mah.
"Bagor jadi lucir kieu si Kaka kuari mah nyah, saprak sering nganjang ka dinya." Enjum sirik.
Gilig deuk nurutan. Ba'da lebaran haji, ngalanto. Lapur euweuh nu nalék-nalék acan. Usim panén saké, nyobaan deui, keukeuh hampos.
"Ké mah jeung kula ka dituna Jum!" Ka Bayan haateun.
Keur warga dinya garorol nyieun jalan ka karamat, Enjum dianteur. "Nepangkeun lur, ieu dulur kula Jumbayani oncuna Bah Sadulbayan!" Ka Bayan sungsong sasalaman. Enjum rikat nuturkeun.
Balikna, Enjum nyangsaya di gardu ronda, eueureuleuan. Borolo, ngutahkeun gogodoh mantang, sorabaha campur angeun lada. Kamerekaan.
"Tuh da dia mah, ceuk aing géh kontrol jiiiing!" Ka Bayan nganaha-naha.
"Heug géh, dia mah milikna darareukeut baé, kéléh aing mah!" Enjum luhlah.
"Makana jing, hirup mah sacarana-sacirina!"*
Rohendi Pandeglang - kisuta.com


