Bulan nu Kamari
HULANG-HULENG. Handapeun cacaang bulan di buruan. Dahan-dahan randakah, saranggah haté. Peuting tadi. Bada beurang ngasongkeun tineung. Sumoréang. Kasilir angin. Sukma bet kawas kalakay. Kumoléang. Murag dina sésa-sésa tapak kaliwat. Jeung Bulan keur réréndéngan. Bulan. Nu punjul sirat batan purnama. Teuing ku luas. Ngaut dada kamalangkem ku kalangkangna.
Dharma Asih. SD tempat Damar ngahonor. Jam istirahat, tibuburanjat. Ngajajanteng di buruan sakola. Teuteup dipapaykeun. Miceun rénghap. "Cekés!" Serebung. Dina panto, nyarandé. Ngusapan haté teu daék répéh. Ngolébat deui. Kamari, pungkurna kumalangkang. Lebah gerbang. Rérétna, manéhna! "Duh...!" Baseuh lambeyna, peureum socana, rangkulanana. Geuning ruruhit nu ngait na dasaring ati.
Hulang-huleng. Jero kelas sabot barudak diajar ngawih. Karatagan Pahlawan, kapirengna Salam Manis. "Tréééng!" Sidik, eta mah waktuna mulang. Barudak rikat bébérés. Angger, ka Gina mah sok ngusap buukna. Teu sasari. Dituturkeun tepi ka lawang. "Mimiiih!" cenah. "Damar...?" Teu kasamaran. Barang dilieuk, nyumirat! Rey. Rét ka budak. Lenyap. Sora teu atra, "Papah téh uih, Mih?"*
Remi Purwaka Sadkar - kisuta.com


