Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Oléh jeung Omah

Jumat, 18 September 2015

“TEU hasil, Mah. Si Fatilna embung nginjeumkeun,” Oléh sasadu wanci balik ka imahna. “Ari ti Aswari hasil?” cék Omah pamajikanana anu sapopoéna teu weléh nyarékan salaki. “Komo si éta mah, salian teu méré nginjeum téh kalahka nitah ngajual motor kuring, mun teu payu jual wé pamajikan énté, pokna téh.” Ngadéngé jawaban kitu, Omah ngomong tarik naker. “Ngahina pisan Si Aswari téh!? Lain dicabok atuh ku manéh?” Ditungtungan ku ngadegungkeun sirah Oléh. “Hayangna mah nyabok ngan teu wani. Apan ti leuleutik gé kuring anu tukang dicabokan ku Si Aswari,” témbal Oléh. “Matak manéh kudu rajin solat, ngarah hirup teu malarat. Jelema anu rajin solat mah sagala kahayangna bakal diijabah ku pangéran. Manéh téh kurang du’a, Oléh!” Sabot Omah bacéo, ngong adan Isa. “Sok, geura wudu, solat tuluy ngadu’a!” cék Omah. Bérés wudu, Oléh solat di kamarna. Réngsé solat Oléh ngadu’a “Ya Allah, kuring hayang papirak jeung Si Omah.”*

Yusef Muldiyana - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya