Kalangkang Bihari
GEUS sababaraha peuting. Sok mireng ajag babaung. Duka di mana. Beuki lila beuki jauh, nepika lesna. Baganti sora suling nu ngagelik. Nganteur mangpirang adegan nu kumalangkang. Wanoja, rarayna ngadaun seureuh. Satia némbongan. Ngolébat keur ngahariring. Gigireun gentong di patamanan. Nyepengan sisir tuluy nguntun buuk kuring. Bréh deui. Ditungtun ti parapatan muru tempat karaméan. Kuring dipangku, diupah- apéh basa jejeritan ningali dedegan nu maraké pakéan singsarwa injuk. Beungeut pikagilaeun jeung huluna nyaruhun rupaning dangdaunan.
“Teu kedah sieun, bebegig téh lebetna mah jalmi,” pokna deudeuh.
Tuluy dibengberahkeun numpak korsél. Teu ngalésotkeun rangkulan, nangtayungan ku kaasih. Pamustunganana. Anjeucleu dina lahunan anjeuna, luhureun rakit nu ngangkleung di hiji situ. Pasosoré.
Gemet, diwakcakeun ka Apa.
“Nalika hidep tilu taun,” dareuda, “Hampura, Apa geus misahkeun hidep ti nu jadi indung.”
Karasa aya bohak jeroeun dada, peurih.
“Janten, Mamah...,” teu kaampeuh.
“Ayeuna hidep geus sawawa. Bral, geura tepungan indung nu ngandung hidep. Di Hujungtiwu.”*
Ida Nurulhuda - kisuta.com


