Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Korsi Panimu

Senin, 21 September 2015

LEMBUR sahéng. Carita Ki Satibi nimu korsi emas waktu keur nguseup lélé ti peuting di walungan Cikereteg, beuki ramé. Nu panasaran daratang ka imahna. Korsi dirogrog. Diarusapan. Dicariuman.
"Kumaha mimitina, Ki?"
"Aki téh keur ngararasakeun jeujeur, asa disanggut. Ujug-ujug aya nu ngangkleung hurung di tengah walungan. Aki reuwas, sieun. Tapi barang disorotan, terus disidik-disidik, leler. Gancang jeujeur dipulut. Lung ka nu hurung. Nyangked. Digusur. Tepi ka sisi gancang dirawél, diangkat, dipanggul, dibawa balik."
"Siga korsi karajaan, Ki."
"Gustiii! Ieu mas inten meni rimbil!"
"Batur mah néangan korsi kawas kieu téh béak naon-béak naon."
Carita ngabeukahan. Nu daratang ngadon nawar rabul. Urang nagara deungeun mah teu kireum-kireum. Wani saratus milyar. Ki Satibi teu réngrot. Keukeuh moal dijual. Pajarkeun téh rék dipaké di tepas. Piparantieun ngalangeu, ngararasakeun ngeunahna diuk bari ngimpleng pakaya.
"Umiii ... kopiii!"
"Nyieun sorangan! Ngabadéga wé. Hayang dijieun suluh éta korsi téh!"*

Dadah Hidayat - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya