Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Nu Mulang Kapaksa

Kamis, 24 September 2015

NU leket. Tara leupas sajadah. Nahun nyangsaya. Panyakit anéh kacida. Awakna lumpuh, teu bisa cumarita. Biwir kari kunyemna. Geus ubar-abér béak déngkak. Saban peuting dikemitan ku indung kukutna. Haténa jumerit, hayang ngagorowok. Hayang ménta hampura ka sakur nu geus dinyerikeun ku manéhna .“Sujang..., pan hidep téh ahli ibadah..!” ceuk Ma Isah. Semu haroshos.
Bada isa. Diriung ku nu maca yasin. Sobatna jul-jol. Babacaan sabisa-bisa. Torojol Néng Léha. Béntang pasantrén nu kungsi jadi buah haténa. “Kang.., sing énggal damang! Wios, nu atos mah, atos wé...” Léha. Nyaritana teu kebat. Ngalieus. Laju amitan. Tina juru panon nu nampayak témbong aya nu ngagenclang. Isukna. Raéng ku nu careurik. “Ieu mah tos béres, ” ceuk dokter. “ ngadéngé caritaan dokter. Batinna jejeritan. “Uing mah, can maot..! Emaaa! Uing hampura...!” puguh teu aya nu ngadéngé. Angot basa rék diasupkeun kana liang lahat mah. Sanggeus nu ngurebkeun marulang. Aya anu andiprek. Dina hunjuranana.*

Yuharno Uyuh - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya