Kang Candra
FLAMBOYAN kampus keur mijah. Cenah ngincer budak sastra Jepang. Ningalikeun potona jeung sajak nu rék dikirimkeun “Sip Kang. Geulis. Sajakna gé saé pisan.” Na haté aya nu ngagolak laju patingsérését. Kang Candra, senior. Panggih seseringna di kampus. Siga biasa, ngaléng jeung ngacak-ngacak buuk. “Cuang naék Pangrango. Akang rék maok édelwéisna.” Jigrah. Bagja na haténa jadi hinis nu lugina nurihan dada. Édelwéis? Moal keur saha.
Siga rél karéta. Babarengan tapi teu jucung tepung. Rasa disidem. Manéhna cruk-crek. Paribasa teu cocok. Cassanova ongkoh, moal aya nu pas. Moal teteg rarasaan da élodan. Limalas taun, nu dipendem teu kanyahoan. Nyamuni dina sosobatan.
Sanggeus lima bulan teu panggih. BBM ngentring. Nambru di RSU cenah. Maag kronisna kanceuh. Ditemonan langsung bérag. “Akang geus capé, Rhién. Bosen baong téh.” Ukur imut bari mangmenerkeun simbutna. “Naha Rhiéna can nikah waé? Ngantosan Kang...” Teu kebat. Panonna neuteup kana ali nu meulit na jariji.*
Tiktik Rusyani - kisuta.com


