Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Dongéng Pieunteungeun

Kamis, 1 Oktober 2015

TI kawit website jadi kantor. Pipih langki pisan ka luar bumi. Mimih gé, kitu! Nurutan. Dagang kiripikna cekap dina grup FB. Saban beurang, saban peuting. Teu reureuh bisnis. Hareupeun monitor. Hiji wengi. Ti loténg, Pipih ngagorowok, "Miiih, ngalas! Pipih lapar!" saurna. Teu aya nu ngawaler. Abdi cengkat. "Sakedap, pambeng!" Karérét inbok Mimih ka pipih. Badé noél téh teu janten. Malih jadi reuwas! Da éta Mimih ngalebetkeun sangu sapiring kana inbok. Énjingna. "Pih, Mih! Tomi sareng Tétéh mios, sakola!" Nga-inbok. Di sakola. Tomi kasohor jago komputer. Kapan sering ngajar di kelas Tétéh ogé. Harita, uih sakola. Di lapang baskét. "Tom! Jajapkeun heula Tétéh!" Nguping kitu, Tomi ngaluarkeun tablétna. Login facebook. Abdi diinbokkeun ka Pipih. Tapi, inbok téh teu aya nu muka. Kabujeng wé Bu Ati, wali kelas Tomi, nyauran. Ngawartosan, Pipih pupus. Login. Tomi ngintun smiley nangis ka Mimih. Da nyolatan sareng ngurebkeun gé, badé via online. Tétéh mah mung tiasa nangis...*

Remi Purwaka Sadkar - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya