Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Sapasang Batu Ali

Senin, 5 Oktober 2015

POÉ Senén. Odik ka kantor. Macét. Mobil dipéngkolkeun ka Mol. Parkir. Odik naék ojég ka kantor. Di jalan lieur, bau solar tina mobil désel. Anjog ka kantor, geus aya sémah. “Tah geuning Cép Odik, damang?” Ngajak sasalaman. “Alhamdulillah, séhat. Punten, dupi Bapa ti mana?” “Méd, Cép Odik hilapeun ka urang?” Nanya kanu saurang deui. “Wajar atuh hilapeun mah, pan geus lima puluh taun teu papanggih? Tah ieu Mang Ajid, abdi Mang Éméd.” Ngenalkeun. “Nembé émut. Waas, kapungkur sok ngiring neda sangu oyék di kobong.” Ceuk Odik. “Kamari, santri-santri asal Bungbulang baradami, ngutus Emang duaan supados masihkeun batu ka Cép Odik. Tah batuna dina cepuk.” Cepuk dibuka, aya nu dibungkus kaén. Di sisina aya sababaraha guruntul kembang campaka. Kaén dibuka, sapasang batu ali mani gugurilapan. “Ulah hilap, tiap malem Jumaah kedah digentos kembangna. Engké bakal nanjung kahirupan Encép. Mangga ah, Emang badé wangsul.” Odik ngahuleng. Lumpat ka resépsionis, ceunah euweuh tamu.*  

Noorfatah Muhammad Dimyati - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya