Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Nu Dimomorékeun

Minggu, 11 Oktober 2015

ANJOG ka tungtung lembur. Lalaunan léngkah Ma Haji muru tempat nu linduk. Rénghap. Nimat nyingkahan matapoé nu teu daék ngiceup. Kapeurih bawa ti dayeuh. Nyanyautan tapak cédana, nunda gurat beureum, raheut jeruk mipisan.
Banda kolot milik anak. Taya nu dikorétkeun. Tapi mangsa raga butuh pamuntangan, harta ngadon moékan. Nu kosi diméménan, nu getihna dicéboran ku cai kahéman, leungiteun rasa hémanna najan kur sahuap asih jeung sakeclak ciibun.
Lahlahan keketrok. Bray panto muka. Seungitna ngadalingding. Pangbagéa nu ngemu kasono, imutna nurihan mamaras. Karumasa pagalo jeung kahanjelu. Nu baheula kabagéan sasemplék asih, kur tamba kawaranan, deudeuhna bet manjang. Niisan haté dina ringkang sésa jumarigjeug. Panangan Ma Haji diambung. Dituyun diperenahkeun. Dicalikkeun dina iuh-iuhna haté nu wening.
“Hampura Ema, Cu…!” Di satukangeun imutna, aya nu ngagenclang dina teuteup sewang-sewangan.*

Teti Taryani - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya