Sastra & Humor
Dongeng Pasosore
Bada Isa
Senin, 12 Oktober 2015
IMAM geus medal sila. Gigireun geus tingkoléséd. Kari kuring jeung wiridna. Tingkecewis tukangeun.
“Tara-tara mandeurikeun.”
“Nuju aya masalah rupina mah.”
Bari wirid haté nyéréngéh. Jempling nuluy sawatara waktu. Rét ka tukang. Si Mumu, nu jaga masjid keur nyanghunjar di juru. Manéhna unggeuk bari seuri. Kuring males unggeuk bari terus ngunyem. Ngabaheum hamdalah. Sajam. Ngalieuk ka nu di juru. Keur nundutan. Dua jam. Ngalieuk deui. Manéhna geus ngagolér. Kérékna halon. Keteyep, muru kotak amal. Kusiwel obéng nu ti tadi ngabagel dina saku baju koko. Alhamdulillah, aya kénéh. Kop kana duit saratus rébu nu tadi beurang diasupkeun, basa jumaahan. Sup, sarébu kana kotak amal. Da éta nu rido mah.*
Rudi Riadi - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


